Nepi ka danget ieu geus aya 15.065 artikel sarta 6.491 pamaké nu kadaptar
Pangéran Ario Huséin Jayadiningrat (éjahan heubeul Hoessein
Djajadiningrat), lahir di Kramatwatu, 8 Désémber 1886 - Jakarta, 12
Nopémber 1960). Ramana, R. Bagus Jayawinata (R. Bagoes Djajawinata)
wadana anu tuluy jadi bupati Sérang anu boga pikiran maju, sedeng
ibuna Ratu Saléhah urang Cipeté, Sérang.
Lanceuk Huséin, Pangéran Ahmad Jayadiningrat terus jeneng jadi bupati
di Sérang jeung Hasan jadi tokoh Sarékat Islam anu gedé pangaruhna di
Jawa Barat dina awal-awal pergerakan nasional nepi ka pupusna dina
taun 1920. Ahmad jeung Huséin jadi murid Snouck Hurgronje, tapi ngan
Huséin anu méréskeun atikan nepi ka meunang gelar Doktor.
Huséin téh salasahiji panaratas widang kaélmuan di Indonésia. Anjeunna
dipikawanoh minangka jajaka anu motékar, boh kana élmu agama, boh élmu
modérn. Anjeunna guguru ogé ka Hurgronje anu satuluyna mindeng
ngadiskusikeun karangan anu ditulis ku Huséin ku anjeun. Ningali
poténsi katut bakatna, Snouck nyakolakeun Huséin ka Léiden. Taun 1905
Huséin resmi jadi mahasiswa Universitas Léiden nepi ka nulis
disertasina nu dijudulan Critische Beschouwing van de Sadjarah Banten
tur meunang pangajén cum laude ti promotorna, Hurgronje. 
Teks tersedia di bawah Lisensi Atribusi/Berbagi Serupa Creative
Commons; ketentuan tambahan mungkin berlaku. Lihat Ketentuan
Penggunaan untuk lebih jelasnya.
